Excited to officially announce the NFT Security Group.
Web3 security is a community effort, so we’re partnering w/ more than 15 companies & projects to share vulnerabilities and fixes before they reach other platforms. https://t.co/tH4yUNrLg0
*Maca tafsir terjemahan..*
*Maca hadis sambarangan..*
*Mengkol dina kayakinan..*
*Nu penting menang bingkisan..*
*Elmu loba di debatkeun..*
*Dalil loba di adukeun..*
*Tapi ahlak di pohokeun..*
*Pamunkaran diantepkeun..*
*Nu bener di sebut salah..*
*Nu hade di tuduh bid'ah
*Dunya geus beuki ngolotan..*
*Ulama geus di tarewakan..*
*Ka Pasantren nga anggangan..*
*Ngaji geus teu ka lakonan..*
*Loba nu katalar Qur'an..*
*Hadits geus jadi talaran..*
*Lain meunang di wurukan..*
*Tapi beunang pipikiran..*
*Ari ka kafir ngabela..*
*Tapi jeung muslim pasea..*
*Mela penista agama..*
*Teu boga rasa rumasa..*
*Nu hayang menang kulian..*
*Anu ngadukung kadzoliman..*
*Ngadadak silih baeudan..*
*Jeung balad nu teu sa jalan..*
SYAIR AKHIR ZAMAN.!!!
*Dunya geus tereh pamitan..*
*Kiamat geus ngadeukeutan..*
*Elmu gampang di teangan..*
*Ngamalkeun na hese pisan..*
*Na HP elmu balatak..*
*Teu ngarobah kana watak..*
*Ka guru kalah calutak..*
*Ka kolot ge wani nyentak.**
*Loba jalma anu pinter..*
*Pamikiran na teu angger..*
*Nu di sebut ka balinger..*
*Ka batur sok ngalilieur..*
*Agama jadi dagangan..*
*Pikeun nyiar kauntungan..*
*Jeung dulur anu sa iman..*
*Geus loba papaseaan..*